Contoh Soal Ujian Akhir Semester Mata Pelajaran Bahasa Sunda SMP/MTs Kelas 9 Ke 2

Contoh Soal

PILIHAN GANDA

Kahirupan dunya mah kahirupan nu sakeudeung, lamun lain keur bekel ibadah mah, tangtu rugi pisan. Jalma nu katalimbeng, kasered ku gogoda setan. Nya eta geus muhit sikep hirup anu materialistis (hubuddunya) bari mopohokeun kana urusan akherat. Memang dunya mah leuwih genah karasana, sabab geus nyata bungkeuleukanana. Beda deui jeung akherat no goib, asa hese rek milampah pibekeleun teh. Dunya teh ujian pikeun manusa, naha eling ka Alloh naha sabalikna. Jadi poho lantaran katipu ku kaendahan dunya.

1. Kalimah utama tina paragraf di luhur nyaeta.....
A. Jelema anu muhit kana sikep materialistis bakal katipu ku kaendahan dunya
B. Urang kudu hirup materialistis tapi teu poho kana urusan akherat
C. Kahirupan dunya mah kahirupan anu sakeudeung ku kituna kahade ulah nepi ka poho kana urusan aherat
D. Urusan aherat mah urusan nu masih goib, teu cara urusan dunya nu nyata langsung karasa

2. Pamungkas, supaya kaum muslim teh hade gogog hade tagog, nya kedah kasipatan ku sipat waro tea. Jalma amis budi, hade pokna alus sikepna, pastina dijaga naon omongan nu matak mudorot, mana nu mawa mangpaat. Kitu deui mana sikep nu mudorot, mana sikep nu mangpaat. Ku kituna, mugia urang sadaya tiasa mibanda sikep waro. Amin ya Robbal Alamin.

Ungkara di luhur kaasup kana bagean......
A. bubuka hutbah
B. eusi hutbah
C. panutup hutbah
D. kacindekan

3. Zuhud, ngutamakeun kahirupan aherat manan kahirupan dunya. Hartosna malingkeun tina kahirupan dunya nu mewah, nu sagala diaya-aya, dipusti-pusti. Ahli sufi mah nyebutkeun yen zuhud teh hartosna rido narima naon perkara nu dipasihkeun Alloh SWT. Manan kitu, dunya moal aya hartosna lamun teu digunakeun keur ibadah.

Amanat nu rek ditepikeun dina ungkara hutbah diluhur nya eta....
A. Ahli sufi mah narima jeung rido kana hal nu dipasihkeun ku Alloh SWT
B. Kahirupan dunya moal aya mangpaatna lamun harta urang teu digunakeun keur ibadah
C. Zuhud teh hal nu kudu kapimilik ku urang tapi cara ngahontalna hese pisan
D. Urang kudu ngabogaan sipat zuhud sangkan salamet dunya-aherat

4. Ujang, hidep calon salaki. Mangkade kudu inget, yen tanggungjawab hidep samangsa geus jadi kapala kulawarga, henteu enteng. Salaki teh pamingpin rumah tangga, anu sagala kaperluan rumah tangga, boh mangrupa nafkah poko kayaning maraban, makean jeung ngimahan kulawarga. Boh kaperluan hirup sejenna. Salaki teh kudu bisa ngawujudkeun suasana katengteraman, karukunan, kaharmonisan sarta kabagjaan dirumah tangga atawa sakinah tea. Diantarana ku ngahargaan hak-hak bojo jeung kulawarga.

Jejer nu dipedar tina hutbah di luhur nya eta.....
A. Calon salaki teh boga pancen nu beurat dina ngambah rumah tangga
B. Salaki teh pamingpin rumah tangga, kukituna kudu ngahrgaan kana hak pamajikan jeung kulawarga
C. Kawajiban nu jadi salaki enggoning rumah tangga
D. Tugas salaki neangan rejeki keur rumah tangga, tugas istri ngamangpaatkeun rejeki ti salaki

5. Ungkara hutbah di luhur, cocogna dina acara....
A. Hutbah Jum'at
B. Hutbah Idul Fitri
C. Hutbah Idul Adha
D. Hutbah Nikah

6. Jang Mamah mah.........teu bisa nyekel duit, rek gede rek leutik beak bae
A. lesang kuras
B. dibejerbeaskeun
C. ieu aing
D. leutik burih

7. 1. Nangtukeun maksud jeung tujuan
    2. Nyusun biantara
    3. Ngumpulkeun bahan
    4. Nangtukeun jejer biantara
    5. Ngalaksanakeun biantara
Kaidah-kaidah persiapan lamun urang rek ngalaksanakeun biantara, nya eta.....
A. 1,2,3,4,5
B. 2,1,4,3,5
C. 3,1,4,2,5
D. 4,1,3,2,5

8. Kadua, Sim Kuring sadaya neda dihapunten ka Bapa-Ibu sadaya. Neda dihapunten ti luhur satungtung rambut ti handap sahibas dampal, wireh simkuring sadaya rumaos jadi manusa, moal luput tina kalepatan. Kalepatan simkuring sadaya, boh nu karaos boh nu teu karaos, neda dihapunten ku galih anu wening, ku manah-manah nu setra.

Amanat nu rek ditepikeun dina cuplikan biantara di luhur nya eta.....
A. Nurutkeun palaku biantara, bapa/ibu guru ngahampura kana kasalahannana
B. Palaku nyebutkeun yen urang salaku manusa pasti loba dosa, ku kituna kudu silih lubarkeun
C. Palaku menta hampura ka bapa/ibu guru lantaran loba dosa
D. Palaku biantara ngelingan yen sakumna manusa boga kasalahan

9. Sim kuring umajak ka para nonoman nu aya dina ieu riungan, uarang teh ulah cicingeun, sing caringcing pageuh kancing, saringset pageuh iket, pikeun ngajaga panarajang deungeun nu rek nyoba-nyoba ngaruksak budaya Sunda anu luhung tur kebek ku ajen diri. Hayu urang paheuyeuk-heuyeuk leungeun, pikeun ngamumule jeung ngaronjatkeun budaya Sunda, malah mandar budaya Sunda hirup kalayan hurip dina kahirupan Sunda

Eusi biantara di luhur nya eta.....
A. Umajak sangkan urang Sunda ngadu kabudayaan jeung budaya deungeun
B. Umajak sangkan budaya Sunda hirup dina kahirupan Sunda
C. Bukti yen budaya Sunda luhur tur kebek ku ajen luhung
D. Ngajak sngkan ngamumule, jeung ngaronjatkeun budaya Sunda

10. Aya kaasih haturnan ka nu seja paanggang, bungkusan alakadarna kanggo pameungkeut kadeudeuh. Nanging mugi janten uninga, ngahaja bungkusan dibuni-buni sanes inggis katiisan, sanes rempan kahujanan, nanging inggis kauji eusina ma'lum eusi sisip ku pangaj. Ku kituna nu bade nampi mugi henteu ningali kana eusi nanging nguninga kana maksad anu diseja.

Inti tina ungkara biantara di luhur, nya eta.....
A. Ngebrehkeun yen aya kado kenang-kenangan keur pihak anu rek ninggalkeun sakola
B. Bungkusan nu katarima poma ulah ditempo tina wujud bungkusannana tapi kudu ajen eusina
C. Tatarucingan ngeunaan eusi kado nu dibungkus dibuni-buni
D. Sakabeh nu rek ninggalkeun sakola kudu dibere kado, sok sanajan eusina kurang ajena

,
Baca Juga

No comments:

Post a Comment

Sosial Media

Postingan Populer