Contoh Soal Ujian Akhir Sekolah Mata Pelajaran Bahasa Sunda SMP/MTs Kelas 9

Contoh Soal

PILIHAN GANDA

1. Nu kaasup paribasa panyaram lampah salah kaunggel dihandap ieu, iwal....
A. Moro julang ngaleupaskeun peusing
B. Neukteuk curuk dina pingping
C. Pagiri-giri calik pagirang-girang tampian
D. Kudu ngukur ka kujur nimbang ka awak

2. Artikel nu eusina mere prediksi atawa kamungkinan hal nu baris karandapan dina mangsa nu bakal datang, ngeunaan hiji hal anu aya patalina jeung nu keur dipedar

Dumasar kaidah-kaidahna, artikel diluhur kaasup kategori.....
A. Prediktif
B. Deskriptif
C. Eksplanatif
D. Preskriptif

3. Kasenian nu sok dipentaskeun di Kampung Kuta nya eta gondang atawa rengkong, nu remen dipentaskeun satuntasna panen. Di Kampung Kuta mah upacara sanggeus panen teh disebut hajat bumi. Carana meh sarua jeung adat kampung adat sejenna, ti mimiti helaran nepi ka ngunggahkeun kana leuit.

Eusi artikel di luhur sarua jeung ungkara di handap ieu, iwal.....
A. Kasenian nu sok dipentaskeun nya eta gondang
B. Kasenian gondang dipentaskeun samemeh panen
C. Upacara disebut hajat bumi
D. Inti upacarana mimiti helaran nepikeun ka ngunggahkeun pare kana leuit

4. Pisapuluhpoeeun kana bulan puasa ngomean beduk mah. Jeung sok isuk-isuk pisan deuih migawena sanggeus Mang Mad Lomri, merebot masjid Padaherang, rengse mumuluk, jeung pangpangna mah ngarah leuwih loba waktu pikeun ngudag lohor. Da bakal jadi perkara gede atuh mun ngomean bedug can rengse, ari lohor geus manjing.
Jejer wacana artikel di luhur nya eta........
A. Mad Lomri merebot masjid
B. Sapuluh poe deui bakal puasa
C. Ngomean bedug
D. Isuk-isuk di Masjid Padaherang

5. Belut diturih manjang sapanjang beuteungna, terus diprekprekan, sarua deuih sapanjang awak belut tea. Pikeun sambarana, ngarendos katuncar, laja, dicampuran nyah jeung gula kawung sacukupna. Pek dipoe nepika garing, mun digoreng reh rangu, ngerekes.

Budaya cara masak belut dina artikel di luhur, ngarana.....
A. Kere belut
B. Beuleum belut
C. Pais belut
D. Sate belut

6. Lamun urang rek nyieun teks biantara, hal nu kudu ditulis pikeun jadi ugeranana, nyaeta....
A. Susunan acara
B. Rangkay karangan
C. Bubuka biantara
D. Ringkesan biantara

7. Bapak Kepala Sekolah nu ku sim kuring dipihormat, Bapa-Ibu guru nu ku sim kuring dipihormat,

Ungkara biantara diluhur kaasup kana bagean.........
A. Bubuka
B. Pangbagea
C. Eusi
D. Nyieun kacindekan

8. Dina ieu pidato, nu nyarita mawa catetan-catetan penting nu baris ditepikeun. Dina brengna pidato, manehna ngabahas unggal materi nu geus dicatet tea. 
Teknik biantara nu dipake nya eta.....
A. Impromptu
B. Talaran
C. Maca Naskah
D. Naskah


9. Pakeman basa lauk buruk milu mijah puritan milu endogan, hartina.....
A. Kabawakeun kana hal nu goreng
B. Cilaka ku lampah sorangan
C. Pipilueun nyalira, ilubiung padahal lain ahlina
D. Milu tangung jawab lantaran dulur sorangan

10. Pakeman basa nu hartina bungah, kaunggel dihandap ieu, iwal.....
A. Lir karagragan madu kalunturan menyan putih
B. Gunung ngungun, pasir ngabangingik
C. Lir gunung tanpa tutugan
D. Bingah amarwatasuta
,
Baca Juga

No comments:

Post a Comment

Sosial Media

Postingan Populer